Minggu, 28 Oktober 2012

A B D I :)

Sampurasuuuuuun ..
Langkung tipayun abdi ngahaturkeun nuhun ka Bapa/Ibu Guru nu ngawulang dina pangajaran TIK , nya eta Bu Atin sareng Pa Asep nu sabar ngadidik, masihan elmu nu kalawan pentingna kanggo abdi terutamina kelas XI IPA 3 .. dugi ka ayeuna urang (kelas XI Ipa3) tiasa terang teknologi anu haben maju sarta tiasa ngagunakeunana sanaos teu acan tiasa pisan oge saluyu abdi mah ieu teh tos tiasa disebat teu gaptek teuing .. atuh facebook facebook mah terang urang sadaya teh (kelas XI ipa3) hehehe


Didieu abdi bade "posting".. Sakumaha anu ditugaskeun Bapa/Ibu ka abdi..
langsung wae yuuuu ......
Saha sih anu teu terang nami abdi sa-followers mah atuh pasti .. teu terang . hehe eh, terang maksad teh
My wasta Daniya Oktaviarlia atawa tiasa disebat nami familiarna teh nya eta "ndan" .. anu wedalna dina dinten Jum'at, kaping 20 Oktober 1995, di Betawi .. nya eta Jakarta teaaa  ,, gaduh rai hiji nu yuswana 5 taun, karesep teh sempal guyon sareng rerencangan ..hehe mugia followers terang . *uluh
abdi etang-etang diajar ngagunakeun basa sunda .. da sapalih urang sunda ge teu acan tangtos tariasaeunlah basa sunda anu lemes pisan na mah .. tapi mudah-mudahan dina tugas ieu urang tiasa ngagunakeun basa sunda sanaos kirang kana kasempurnaan basa dina basa sunda .. sareng hoyong janten basa Internasional lah . Amiin *iraha boa ..hehe
Ari  cita-cita mah abdi teh hoyong tiasa ngabaktikeun diri kanggo masyarakat, nusa sareng bangsa dina widang Pendidikan ..alias janten Guru ..anu khususna Guru B.Inggris .. anu tujuanna tos pasti ngabanggakeun pun rama sareng pun biang .. sareng Insya Allah hoyong nyakolakeun rai abdi .
Rumaos lah , abdi teuacan paham pisan  kana pangajaran basa Inggris, mung abdi istiqomah disarengan ku niat sarta aya kahoyong tiasa, usaha, teu hilap ngadu'a ka Gusti Allah ..


Ya Allah mugi Gusti ngaridhoan sareng ngaijabah kahoyong abdi . Amiin 
Allahuma Amiin ..

 "potential that comes from yourself, so you are assured with potential"




2 komentar: